“Kurung ngalajung dikurung, kurung dikurang di kuring, kuring di kuring dikurang, kurang di kuring di kuring, kuring di kuring di kuring, kurang dikurang di kuring.
Ngalantung neangan itu, ieu deui ieu deui, sapanjang neangan eta, itu deui itu deui, sapanjang neangan mana, ieu deui ieu deui.
Sapanjang neangan kidul, kaler deui kaler deui, sapanjang neangan wetan, kulon deui kulon deui, sapanjang neangan aya, euweuh deui euweuh deui.
Ngalantung neangan suwung, bukti deui bukti deui, sapanjang neangan loba, hiji deui hiji deui, sapanjang neangan lawan, aing deui aing deui.
Lamun mundur mepet baju, kana teu lunda teu landi, kana teu sumbut teu sambat, kana teu subat teu sabit, tah nya wahdaniatullah, sirna rasaning billahi.
Da aing kudu jeung batur, da batur kudu jeung aing, da aing kudu jeung dua, da dua kudu jeung hiji”.
_______